FAKTA nuduhkeun umat Islam di Indonésia, nyaéta mayoritas.
Malahan, Indonésia ngarupakeun nagara kalawan jumlah penduduk muslim terbesar
di dunia. Tapi ulah waka reueus heula. Enya umat Islam Indonésia mayoritas
jeung pangedéna jumlahna, tapi statistik ngabuktikeun angka pertumbuhan umat
Islam Indonésia éléh dibandingkeun jeung pemeluk Karésten. Sababna nyaéta upaya
Kristenisasi anu massif di ieu nagri.
Ketua Umum Majelis Ulama Indonésia (MUI) Pusat Din Syamsuddin
dina bulan April 2014 némbongkeun angka statistik pertumbuhan umat Islam
Indonésia. Dina sénsus penduduk 1990 jumlah umat Islam nepika 87.6 persén. Ieu
angka terus ngaronjat jadi 88.2 persén dina sénsus penduduk 2000. Anu
mrihatinkeun saur Din, angka pertumbuhan taunan umat Islam ngan 1.2 persén,
sawatara Kristen dua kali lipetna nyaéta 2.4 persén per taun.
Lamun diturunkeun deui ka tingkat provinsi bakal leuwih
prihatin deui. Din ngutip data saurang penulis Léo Suryadinata anu nyebutkeun
angka pertumbuhan Kristen pangedéna nyaéta di Provinsi Kepulauan Riau anu
nepika 8 persén per taun. Di sahandapeunana, aya tilu Provinsi anu angka
pertumbuhan Kristenna nepika 7 persén, nyaéta Sumatera Barat, Jawa Barat jeung
Daérah Istiméwa Yogjakarta (DIY).
Dina taun 80-an penduduk Muslim di Indonésia masih leuwih ti
90 %, mangka dina taun 2000 populasi muslim turun ka angka 88.2 % jeung taun
2010 turun deui jadi 85.1 %. Di Indonésia pertumbuhan agama Islam justru turun
drastis saperti di handap ieu:
Dumasar hasil risét Yayasan Al-Atsar Al-Islam (Magelang), ti
mimiti taun 1999-2000 Kristen jeung Khatolik di Jateng geus ngaronjat ti 1-5 %
di awal taun 1990, ayeuna naék drastis jadi 20-25 % tina total jumlah penduduk
Indoné
Tina laporan Risét Departemén Dokuméntasi jeung Penerangan
Majelis Agama Wali Geréja Indonésia, ti taun 1980-an unggal taunna laju
pertumbuhan umat Khatolik 4,6%, Protéstan 4,5%, Hindu 3.3%, Budha 3,1% jeung
Islam ngan 2.75%.
Dina buku Geréja jeung Réformasi penerbit Yakoma PGI (1999)
ku Pendéta Yewanggoe, dijelaskeun jumlah umat Kristiani di Indonésia (tina
Risét) geus jumlahna leuwih 20%. Sedengkeun nurutkeun data Global
Évangelization Movement geus nyatet pertumbuhan umat Kristen di Indonésia geus
nepi angka 40.000.000 jalma (19% tina total 210 jumlah penduduk Indonésia).
BPS (Badan Pusat Statistik) Indonésia ngalaporkeun penurunan
jumlah umat Islam di Indoné Contona di Sulawesi Tenggara turun jadi 1.88% (dina
kurun waktu 10 taun). Nyakitu deui di Jawa Tengah, NTT jeung Wilayah Indonésia
séjénna).
Dina Kiblat Garut 26 Juni 2012, Menteri Agama RI harita
Suryadharma Ali nyebutkeun, ti taun ka taun jumlah umat Islam di Indonésia
terus ngalaman penurunan. Padahal di sisi séjén, jumlah penduduk Indonésia
terus nambahan. Awalna jumlah umat Islam di Indonésia nepika 95 persé
Saeutik-saeutik terus ngurangan jadi 92 persén, turun deui jadi 90 persén,
terus jadi 87 persén sarta kiwari anjlok jadi 85 persén.
Numutkeun data Mercy Mission, saloba 2 juta Muslim Indonésia
murtad jeung ngagem agama Kristen unggal taun. Lamun ieu terus lumangsung,
diperkirakeun dina taun 2035, jumlah umat Kristen Indonésia sarua jeung jumlah
umat muslim. Dina éta taun Indonésia moal deui disebut minangka nagara kalayan
penduduk mayoritas muslim.
Lian ti ngaronjatna jumlah pemeluk Kristen, perkembangan
jumlah geréja di Indonesia ogé ngaronjat. Dumasar laporan Kementerian Agama RI
yén ti taun 1974 nepika 2004, jumlah geréja di Indonésia naék nepika 231 %.
Ditambah deui marakna jumlah geréja liar, saperti anu kajadian di Kabupatén
jeung Kota Bekasi anu nepika 224 lokasi. Di Perumahan Taman Galaxi RT 05 RW 17
aya 7 geréja permanén, tapi ngan hiji anu ngurus IMB (Ijin Mendirikan
Bangunan).
Data ti Badan Pusat Statistik (BPS) dina 2008 ngungkapkeun,
yén Kristen ngabogaan 47.106 geréja sa-Indonesia. Persebaran geréja Kristen di
sapuluh daérah terbesar nyaéta Sumatra Utara (11.158 geréja), Papua (4.648
geréja), Sulawesi Utara (4.247 geréja), NTT (3.974 geréja) jeung Jawa Tengah
(2.519 geréja), sawatara DKI Jakarta aya 555 geréja. Lima daérah séjénna nyaéta
Kalimantan Barat (2.351 geréja), Sulawesi Selatan (2.302 geréja), Jawa Timur
(1.947 geréja), Sulawesi Tengah (1.833 geréja) jeung Kalimantan Tengah (1.487
geréja).
Maké pirang-pirang cara, umat Kristen ngusahakeun
ngamurtadkeun umat Islam ti masa kolonialisme Barat nepika kiwari. Dina mangsa
colonial, Pamaréntah Hindia Belanda anu Kristen boga sikep ati-ati kana
Kristenisasi. Tapi sanggeus Indonésia merdéka, Pamaréntah RI anu kalolobaan
pejabatna Muslim malah condong ngantep kana gerakan Kristenisasi, leuwih-leuwih
pasca réformasi.
Modus-Modus Kristenisasi.
D.W. Ellis nganyatakeun yén kawajiban ngabarkeun Injil
nyaéta tanggung-jawab satiap urang Kristen anu geus narima Kristus jadi Tuhan
jeung Juru Selamatna. Ceuk inyana, unggal jalma wajib ngabarkeun Injil sasuai
jeung kamampuan jeung karunia-karunia nu dianugerahkeun Roh Kudus ka manéhna.
Dumsar hal ieu, urang Kristen anu teu ngalakukeun Kristenisasi
hartina geus hianat ka Tuhan maranéhna. Kusabab kitu, Kristenisasi bakal
salilana muncul salila masih aya urang Kristen jeung jadi problém pikeun bangsa
anu bakal dikristenkeun, kaasup umat Islam.
Di handap ieu sababaraha modus Kristenisasi anu kajadian
pasca réformasi.
Ngawangun Geréja Ilegal.
Keberadaan geréja pikeun urang Kristen lain ngan berfungsi
pikeun tempat ritual Kristen. Geréja teu sakadar dipandang minangka hiji
bangunan. J. Darminta, S.J. nyebutkeun yén dina dasarna Geréja dibentuk pikeun
ngalaksanakeun misi ti Yésus Kristus, nyaéta pikeun évangelisasi.
Keberadaan Geréja pikeun évangelisasi ieu nyaéta saperti anu
dipesankeun ku Yésus Kristus dina ahir Injil Matius, “Kepada-Ku telah diberikan
segala kuasa di Sorga dan di Bumi. Karena itu pergilah, jadikanlah semua bangsa
murid-Ku dan baptislah mereka dalam nama Bapa dan Anak dan Roh Kudus, dan
ajarlah mereka melakukan segala sesuatu yang telah Kuperintahkan kepadamu. Dan
ketahuilah, Aku menyertai kamu senantiasa sampai kepada akhir zaman”. (Mat 28:
18-20).
Ceuk manéhna, anu hakiki jeung unsur utama évangelisasi
nyaéta pewartaan Yésus Kristus minangka Penyelamat jeung ngabentuk komunitas
para murid Yesus. J. Darminta nandeskeun yén évangelisasi sungguh ngarupakeun
tantangan utama Geréja anu ngadongsok di Indonésia. Évangelisasi ogé jadi
tantangan pikeun maranéhna anu jadi bagéan hirup jeung kasucian Geréja, nyaéta
Tarékat réligious.
Pangwangunan jeung pembentukan geréja ogé ngabogaan tujuan
pikeun nyebarkeun agama Kristen. Pangwangunan jeung pembentukan geréja bakal
jadi masalah lamun dilakukeun di tengah-tengah masyarakat anu mayoritas
beragama Islam. Kusabab éta pisan, dina taun 1969 dikaluarkeun SKB (Surat
Keputusan Bersama) Menteri Agama dan Menteri Dalam Negeri No. 01/BER/MDN-MAG/1969
anu diantarana nganyatakeun yén satiap pendirian rumah ibadat perlu meunang
ijin ti Kepala Daérah atawa pejabat Pemerintah di handapna.
Peraturan ieu diperbarui dina 2006 ku dikaluarkeunana
Peraturan Bersama Menteri Agama dan Menteri Dalam Negeri No. 9 εt 8/2006. Ku
pihak Kristen, ieu peraturan dianggap ngarugikeun maranéhna. Dina loba kasus,
maranéhna ogé teu merdulikeun ieu peraturan.
Loba geréja didirikeun atawa kakara rék didirikeun dina éra
réformasi kalayan teu merhatikeun peraturan tadi, malahan dilakukeun ku cara
manipulasi. Misalna waé, pihak Katholik boga rencana ngadegkeun gereja di
Kampung Kramat, Kelurahan Sétu, Kecamatan Cipayung, Jakarta Timur ku cara
nyogok ka warga. Aksi ieu nyaris memicu konflik antar warga dina Idul Fithri
1426 H (Nopémber 2005).
Pihak Katholik ngondang warga pikeun nandatangan surat
pernyataan teu keberatan kana pendirian geréja Katholik di RW 04 Kampung Kramat
jeung ngumpulkeun fotocopy KTP jeung KK. Minangka imbalanna, warga anu
kalolobanana berpendidikan rendah jeung teu apaleun naon eusi éta surat dibéré
dana kompénsasi sajuta rupiah ku jalma anu ngaku ngaranna Tarmizi. Husus pikeun
ketua RT, saperti pangakuan Amir ketua RT 01, ditawaran duit 20 juta rupiah.
Padahal 99% warga Kampung Kramat agamana Islam.
Pertengahan tahun 2005 jadi catetan hitam keberadaan
geréja-geréja liar. Di Jawa Barat, puluhan rumah anu disalahfungsikeun jadi
geréja liar ditertibkeun ku warga satempat. Umumna, éta geréja liar aya di
perkampungan anu mayoritas Muslim. Misalna, dina14 April 2005, masyarakat
Bandung anu ngagabung dina Aliansi Gerakan Anti Pemurtadan (AGAP) ngadonghok
Geréja Kristen Pasundan (GKP) di Jl. Kebon Jati pikeun meredih dieureunkeunana
kagiatan penyebaran agama Kristen di pemukiman Muslim jeung penertiban
geréja-geréja liar.
Dina 8 Méi 2005, masyarakat Lémbang Bandung meredih pejabat
pimpinan HKBP (Huria Kristen Batak Protéstan) “Persiapan Lembang” di Jl.
Jayagiri 26 Lémbang pikeun malikkeun deui fungsi garasi anu dijadikeun sarana
kebaktian.
Dina 21 Mei 2005, masyarakat bareng jeung AGAP nutup tur
ngaratakeun geréja ilégal di Ciséwu, Garut, kalayan ijin ti Gereéja Kristen
Pasundan Bandung luyu kasepakatan anu dijieun dina21 April 2005. Geréja liar
ieu salila ieu dijadikeun tempat pemurtadan Muslim Garut.
Bekasi jadi ladang subur pikeun geréja liar. Loba geréja
ilégal sumebar di pirang-pirang perumahan, rumah kontrakan, ruko, mall, jeung
hotél. Numutkeun Ketua Forum Kerukunan Umat Beragama (FKUB) Kota Bekasi, Ustadz
Bardruzzaman Busyairi, jumlah geréja liar di kabupatén jeung kota Bekasi
mencapai 224 lokasi.
Sawatara éta, umat Islam anu cenah mayoritas (sekitar 80 %)
tina sakabéh jumlah penduduk Indonésia, tina sumber data anu sarua ngan
ngabogaan 243.091 masjid di sakabéh Indonésia. Hartina, jumlah geréja anu
terdaftar di sakabéh Indonésia nepi sekitar 25% dibanding masjid. Jumlah ieu
dipastikeun ngabengkak lamun ditambahan jeung geréja liar di sakuliah
Indonésia. Pertanyaanna, tina hasil sénsus BPS 2010 ieu, naha jumlah geréja ogé
bakal kaérék naék deui?
Sapuluh propinsi anu ngabogaan jumlah masjid panglobana
sa-Indonésia nyaéta Jawa Barat (53.019 masjid), Jawa Tengah (41.340 masjid),
Jawa Timur (39.130 masjid), Sulawesi Selatan (11.043 masjid) jeung Lampung
(10.505 masjid). Lima séjénna nyaéta Banten (8.313 masjid), Sumatera Selatan
(7.570 masjid), DIY (6.625 masjid), Riau (5.718 masjid), jeung NTB (5.203
masjid), sawatara DKI Jakarta ngabogaan 3.037 masjid.
Kristenisasi Ngaliwatan pendidikan.
Kristenisasi ngaliwatan pendidikan dilakukeun ku sagala
cara, umpamana méré bantuan biaya sakola jeung béasiswa, maké kedok kampanye
anti-narkoba di kalangan pelajar, jeung ngawajibkeun siswa Muslim sangkan
miluan pendidikan agama Kristen. Para pelajar jeung mahasiswa ogé jadi sasaran
para misionaris.
Dina pertengahan Maret 2001, kelompok misionaris anu
ngaranna Lembaga Pelayanan Mahasiswa Indonésia (LPMI) ngabagi-bagikeun pakét
gratis ka para pelajar di Surakarta anu eusina hiji kasét ngeunaan kisah Yésus
nurutkeun Injil Lukas bari nutup kampanye anti-narkoba bertajuk “Say No Drugs!”
dan kiat belajar éféktif. Dina éta pakét ogé aya obat-obatan jeung permén
produksi hiji perusahaan obat jeung permén terkemuka. Loba siswa-siswi SMA
Negeri 1, 2, jeung 3 Surakarta anu narima éta pakét.
Di kampung Kamasan di kawasan Anyer Propinsi Banten, gerakan
Kristenisasi ngadompléng Kementrian Pemberdayaan Perempuan kalawan maké kedok
bantuan jeung misi pendidikan. Dina Maret 2004, instansi ieu ngalakukeun Bakti
Sosial mangrupa pembagian buku jeung alat tulis. Bahan-bahan bacaan agama
Kristen anu ngalimpudan Injil dinavérsi komik, buku mewarnai bergambar geréja,
jeung alat-alat séjénna anu bersimbol salib memenuhi pakét bantuan. Padahal
pakét bantuan ieu disebar ka sababaraha sakola dasar, malahan ka
madrasah-madrasah anu sumebar di pelosok-pelosok kecamatan Anyer.
Kristenisasi Ngaliwatan Bantuan jeung Kegiatan Sosial.
Bencana jeung kasusah anu tumiba ka umat Islam jadi
kasempetan emas pikeun pihak Kristen keur ngalakukeun Kristenisasi. Maranehna
nawarkeun bantuan, namung buntutna pemurtadan. Loba kasus Kristenisasi
ngaliwatan bantuan jeung kegiatan sosial saperti, nalika kajadian bencana jeung
gempa bumi di Acéh dina Desémber 2004, loba misionaris Kristen datang jadi
rélawan mawa bantuan sosial sakaligus ngalakukeun pemurtadan. Scott Binner,
misalna, saurang pastur warganegara Amérika nyaritakeun keberhasilan para
misionaris di Acéh pasca tsunami. Ceuk manéhna, aya sekitar 300 anak asli Acéh
anu dina Pebruari 2005 geus aya di hiji sakola Katholik di Médan, Sumatera Utara.
Di sakola anu teu disebutkeun ngaranna, Binnet nyebutkeun, 300 anak asli Acéh
bakal dirawat, diobatan jeung engké disakolakeun.
Kasus Kristenisasi ngaliwatan bantuan jeung kegiatan sosial
ogé kajadian nalika gempa bumi nerpa Yogyakarta dinaJuni 2006, terus Padang
dina Oktober 2009. Nyakitu deui nalika Gunung Merapi bitu dina Nopémber 2010.
Loba pengungsi anu jadi korban pemurtadan, utamana maranéhna anu ngungsi ka
geréja-geréja.
Kristenisasi Ngaliwatan Pulitik.
Pihak Kristen ngupayakeun ngawasa politik Indonésia pikeun
ngalemahkan pangaruh Islam jeung ngawujudkeun ieu nagri minangka “Kerajaan
Allah”. Hal ieu dilakukeun ti mimiti Indonésia merdéka nepika pasca réformasi.
Puncak kaberhasilan maranéhna nyaéta nalika Ahok dilantik sacara resmi jadi Gubernur
DKI Jakarta ngagantikeun Jokowi anu kapilih jadi Présidén. Malahan Ahok rék
nyalonkeun deui jadi Gubernur anu ngadua-kalian.
Dina taun 2003, kalangan Kristen nurunkeun rébuan massa
nolak disahkeunana Rancangan Undang-Undang Sistem Pendidikan Nasional (RUU
Sisdiknas) jadi UU di DPR. Undang-Undang ieu ngawajibkeun sakola sangkan
ngajarkeun agama luyu jeung agama anak didikna. Maranéhna ogé ngaboncéng Fraksi
PDIP ngaboikot Rapat Paripurna DPR.
Di daérah anu dikawasa ku mayoritas Kristen, saperti di
Manokwari Papua, pihak Kristen ngalakukeun tindakan diskriminatif ka umat
Islam. Saperti kasus Tolikara dimana urang Kristen geus wani ngaduruk Masjid
tur ngalarang umat Islam ngarayakeun Idul Fithri. Nyakitu deui ngaliwatan DPRD
anu geus dikawasa maranéhna bantuan pamaréntah pikeun pangwangunan tempat
ibadah ampir 70% dialokasikeun pikeun pembangunan geréja, sedengkeun pikeun
masjid jeung peribadatan umat séjénna paling gedé 30%. Malahan sababaraha
kabupatén geus dijadikeun kota injil.
Kristenisasi Ngaliwatan Dunia Hiburan.
Kristenisasi ngaliwatan dunia hiburan dilakukeun ku
rupa-rupa cara. Misalna, ngamén ku lagu-lagu geréja dina bis kota, nyusupkeun
vidéo klip anu eusina propaganda ngeunaan Yésus dina VCD bajakan lagu-lagu
Islami Haddad Alwi jeung pakét wisata saperti anu kajadian di Garut dina awal
Januari 2009. Saloba 34 urang ti Kecamatan Kadungora jeung saurang ti Kecamatan
Lélés dibaptis dina acara wisata ka Pangandaran. Nalika geus nepi ka
Pangandaran, maranéhna dibawa kahiji gereja dina kaayaan lapar tur dipaska
nandatangan surat pernyataan kasiapan pembaptisan. Sanggeus surat éta
ditandangan, maranéhna dimandian terus dibaptis.
Ngalélécé Islam jeung Manipulasi Ayat Al-Quran jeung
Al-Hadits.
Tujuan modus ieu nyaéta pikeun ngaruksak citra Islam jeung
ngaragukeun umat kana bebeneran ajaranna. Ti saprak réformasi digulirkeun, loba
urang Kristen wani ngalélécé Islam kalawan terang-terangan. Dina pertengahan
1999, sababaraha brosur jeung buletin Dakwah Ukhuwah terbitan Nehemia Centre
sumebar di kalangan masyarakat Muslim.
Di antara judul brosur éta: Saha ari Allah téh, Ngabina
Kerukunan Hidup Umat Beragama, jeung Rahasia Jalan ka Surga. Aya ogé anu
bentukna buku leutik, saperti Upacara Ibadah Haji, Ayat-Ayat Al-Qur’an anu
nyalametkeun, Isa Alaihisalam dina Pandangan Islam, jeung Riwayat Singkat
Pusaka Peninggalan Nabi Muhammad Shallallahu ‘alaihi wa Sallam.
Buku-buku tadi dikarang ku jalma anu sarua, nyaéta Drs.
Poernomo Winangun alias H. Amos, tanpa penerbit. Buletin, brosur atawa
buku-buku leutik loba ngutip ayat Al-Qur’an jeung Al-Hadits, ngan eusina
nyerang Islam. Buku Riwayat Singkat Pusaka Peninggalan Nabi Muhammad
Shallallahu ‘alaihi wa Sallam, misalna, nyebut Siti Khadijah minangka pemeluk
Kristen anu kacida patuh tur paham bahasa Arab. Manéhna nerjemahkeun Kitab
Injil tina Bahasa Ibrani ka Bahasa Arab (hlm 11).
Ngaklaim Sababaraha Tokoh Islam Asup Kristen.
Pikeun ngaragukeun umat kana Islam, pihak Kristen mitnah
sababaraha tokoh Islam geus asup Kristen. Saurang pendéta anu umaku ngaranna
Mohammad Filémon dina 2003 rajin méré ceramah kesaksian anu cukup spéktakulér.
Manéhna umaku geus ngabaptis KH Zaenuddin MZ. Ceramah kesaksian éta direkam
dina VCD tur dijual di geréja. Sataun sanggeusna, giliran pelawak Muslim asal
Sunda, Kang Ibing, anu difitnah geus dibaptis asup Kristen. Dina acara Diklat
Antisipasi Pemurtadan di Masjid Al-Fajr Buah Batu Bandung dina 26 Desémber
2004, Kang Ibing nolak éta tuduhan.
Ngarékayasa Aliran Sesat.
Pihak Kristen turut berperan dina ngamunculkeun aliran sasar
pikeun malingkeun umat tina ajaran Islam anu bener. Dina Juni 2005, Robert Paul
Walean, rohaniawan Advént, ngaramékeun média kalayan ide agama Islam hanif.
Agama anyar anu nyatut ngaran Islam ieu jelas lain Islam, tapi doktrin Advént
anu dibéré label Islam bari nyomotan ayat-ayat Al-Qur’an sacara sarampangan
nepika ngandung loba kasalahan. Upaya Robert Paul Walean teu eureun nepika
dinya. Manéhna terus ngadukung Ahmad Moshaddeq sangkan tampil jadi rasul
kalayan ajaran Al-Qiyadah Al-Islamiyah.
Dina 17 Méi 2007, diayakeun pangajian antara Robert Paul
Walean jeung Ahmad Moshaddeq. Dina pertemuan anu disaksian ku para pengikut
Al-Qiyadah anu umaku minangka Hawariyyin ieu, Robert méré ceramah anu judulna
“Firman Allah dalam Diménsi Sejarah”. Dina ceramahna, Robert nandeskeun jeung
ngabenerkeun kerasulan Moshaddeq luyu tanda-tanda nu aya dina Alkitab (Bibel).
Polda Jawa Timur ahirna néwak Moshaddeq jeung anggota Al-Qiyadah Al-Islamiyah.
Dina prosés penangkapan tadi, aparat kepolisian manggihan Bibel jeung buku
pegangan anu ngutip ayat Bibel.
Memacari, Memperkosa, Menghamili, terus Memurtadkan (Modus
Sandi Air Mata 4M).
Korban Kristenisasi kalayan modus saperti kieu nyaéta para
remaja Muslimah. Dina ahir 1998, umat Islam Indonésia digemparkeun ku kasus
penculikan jeung pemurtadan saurang siswi Madrasah Aliyah Negeri (MAN) 2 Gunung
Pangilun Padang Sumatera Barat anu ngaranna Khairiyah Eniswah (Wawah). Awalna
tina perkenalanna jeung saurang gadis Protéstan berjilbab anu pinter bahasa
Arab jeung Inggris, Wawah saterusna jadi targét Kristenisasi jaringan Geréja
Kristen Protéstan Indonésia Barat (GPIB). Inyana diculik, terus dibaptis,
diperkosa, tur dilarikeun ka Malang Jawa Timur pikeun ngaleungitkeun jejakna
tina upaya pencarian kulawargana.
Kasus sarupa ogé kajadian di tempat séjén. Majalah Sabili
édisi Méi 2000 nampilkeun berita ngeunaan Kristenisasi ku modus kieu. Di
Jakarta Timur, saurang Muslimah asal Sukabumi jadi korban pemurtadan nepika
diperdaya nikah di geréja. Masih di Jakarta Timur ogé, saurang Muslimah anak
Ketua Masjid geus ngalangsungkeun pernikahan di geréja. Di Tambun Bekasi,
saurang Muslimah anak mubaligh nginum racun serangga nepika tilar dunya
sanggeus dihamili jeung diajak nikah di geréja, sarta aktivis Muslimah anak ti
LDK-Lembaga Dakwah Kampus anu sapopoéna maké maké jilbab panjang di Kampus
PUSPITEK Tangerang, Banten inisial S ngajar saurang lalaki anu hayang
mempelajari Islam nyatana kiwari malah awewé anu inisial S tadi pindah agama
jeung ka kampus teu maké pakéan muslimah deui malah maké pakéan you can see,
inillallillahi wa innalillahi rojiun.
Ngagunakeun Bantuan Jin.
Usaha pemurtadan jeung Kristenisasi ngaliwatan sihir, jin
jeung hipnotis kajadian di sababaraha daérah. Dina akhir 2003, salapan santri
putri Pesantrén Khairu Ummah ngalaman kasurupan. Dina prosés penyembuhan atawa
ruqyah, jin-jin anu merasuki tubuh anak-anak santri tadi ménta tulung ka Bunda
Maria jeung Yésus sarta terus terusan nyebut Haléluya.
Lian ti éta, jin-jin anu merasuki para santri belia téh nyebut
ngaran saurang minangka anu ngirim maranéhna. Ngaranna nyaéta Donarius, salah
saurang warga sekitar anu beragama Kristen. Kasus séjén anu teu éléh hébohna
ogé kajadian di kampus Politani Universitas Andalas, di Payakumbuh. Saloba 23
mahasiswi berjilbab kasurupan tur nyebut-nyebut ngaran Bunda Maria, Yésus jeung
kata-kata Salib. Ampir dinawaktu nu sarua, peristiwa sarupa ogé ngarambah
Madrasah Aliyah Negeri (MAN) Payakumbuh. Dina 23 Septémber 2003, saloba 11
siswi kasurupan jeung nuduhkeun perilaku anu teu béda jeung kasus-kasus
saméméhna.
Misi Kristen di Indonésia didukung ku kakuatan dana anu
kacida gedéna, di antarana ngalibetkeun konglomerat katurunan Cina, James T.
Riady (bos Grup Lippo). Seperti kaungkap dina majalah Fortune (16 Juli 2001),
James ngarencanakeun ngawangun sarébu sakola di désa-désa miskin di Indonésia.
James bekerjasama jeung Pat Robinson (misionaris dunia) ogé bakal ngadegkeun
organisasi jaringan umat Kristiani.
Hébatna, ummat Islam sacara teu sadar turut ngadukung
cita-cita besar James T Riady. Antara lain ku jadi nasabah Bank Lippo, balanja
di Mal Lippo, meuli imah di Lippo Karawaci jeung Cikarang, berobat ka RS
Siloam, pelanggan Lippo Shop, Link Net, Lippo Star, Kabel Vision, jeung
Asuransi Lippo.
Indonésia mémang bakal dijadikeun pusat perkembangan Kristen
di Asia Pasifik. Kitu ceuk Pendéta George Anatorae ti The Lord Familly Church
Singapore dina seminar kerjasama Global Mission Singapore jeung Galilea
Ministry Indonésia, di Hotél Shangrila Jakarta (9-12 Juni 1998). Sajauh mana
kaberhasilan program éta, perlu ditalungtik deui. Nu pasti, data taun 1999
nuduhkeun jumlah umat Islam di Indonésia anjlok ti 90% jadi 75% (Siar No 43,
18-24 Nopémber 1999).
Kaberhasilan éta berkat kerja keras 38 agén Kristenisasi,
1573 misionaris pribumi, 62 misionaris asing, dan 421 misionaris lintas
kultural (data ti Operation World 2001 anu dihimpun India Missions Association,
Japan Evangelical Assocation jeung Korea Research Institute for Missions).
Salah sahiji lembaga anu gencar ngalakukeun Kristenisasi
nyaéta Doulos World Mission (DWM). DWM geus ngalaksanakeun Proyék Yerikho 2000,
nyaéta program pengkristenan wilayah Jawa Barat, kalayan séntra kegiatan
digerakkeun di kawasan pinggiran Jakarta.
Proyék ieu bertujuan “mewujudkan Kerajaan Allah di bumi
Parahiyangan menyongsong abad XXI”. Menurut Hendrik Kraemer, peneliti jeung
penginjil ti Belanda, Jawa Barat ngarupakeun wilayah “paling gelap” di
Indonésia jeung kacida tertutup pikeun Injil. Kusabab kitu aktivis DWM boga
tékad, “Urang kudu ngarebut tanah Pasundan pikeun Kristus”.
Yérikho 2000 ogé digerakkeun di Sumatera Barat, Ac[h, Riau,
Jambi, Bengkulu, Lampung, Kalimantan Tengah, jeung Kalimantan Barat. Pusat
kagiatan DWM aya di kawasan Rawamangun (Jakarta Timur) jeung Tangerang
(Banten).
Program séjénna nyaéta Doa 2002, anu dilaksanakeun ti
tanggal 19 Oktober 2001 nepika 6 Desémber 2002. Sacara khusus program ieu
nyebut sababaraha komunitas Muslim minangka objék Kristenisasi. Di antarana
nyaéta suku Kaili Ledo (Sulawesi Tengah), Melayu Riau, Betawi, Ac[h, Melayu
Kalimantan, Tenggarong Kutai, Bima, Maluku, Banda, jeung Papua. Rencana program
Doa 2002 dituangkeun dina buku 40 Hari Doa Bangsa-Bangsa anu geus
diterjemahkeun ka jero 35 bahasa di dunia.
Muslim Betawi misalna, kudu didoakeun ku segenap orang
Kristen dina tanggal 9 Nopémber. Éta perlu dilakukeun sangkan hati Bapa
mengasihi jeung merindukan orang Betawi. Salian ti éta, sangkan Bapa ngutus
duta-duta kerajaan-Nya pikeun ngembangkeun pelayanan kesenian Betawi,
literatur, jeung radio dina bahasa Betawi.
Kristenisasi anu marak kajadian pasca réformasi saenyana
ngarupakeun kesinambungan tina Kristenisasi anu geus dimimitian ti jaman para
penjajah Barat asup ka ieu negeri. Hal ieu lain waé jadi ancaman pikeun umat
Islam, namung ogé ngarupakeun tantangan pikeun ngaronjatkeun da’wah jeung
ngaraketkeun ukhuwah Islamiyah. Aya hiji naséhat bijak didugikeun ku pendahulu
urang, HM Rasjidi, ngeunaan pentingna ukhuwah Islamiyah.
Ukhuwah Islamiyah dina waktu ieu kacida penting, kusabab
umat Islam keur dirongrong ku kakuatan Internasional anu pohara gedéna, nyaéta
misi Katholik jeung zending Kristen. Ieu nyaéta soal hirup atawa paéh. Tapi
lamun Ukhuwah Islamiyah di Indonésia dina wanci kiwari disamaratakeun jeung
Ukhuwah Wathaniyah, maka hartina moal dianggap bahaya Kristenisasi.
Umat Islam kudu bisa nyokot hikmah jeung pelajaran tina
kasus-kasus Kristenisasi anu geus kajadian. Tina kasus-kasus tadi, mungkin waé
aya anu kajadian kusabab kasalahan jeung kelalaian umat Islam sorangan. Misalna
waé, umat Islam gampang berpecah belah, gampang diprovokasi, kurang peduli ka
sasama Muslim, kurang peka kana lingkungan sekitar jeung kurang gigih dina
berdakwah. Dina kondisi kitu, misi Kristen datang pikeun ngamurtadkeun umat
Islam. Naha lain ieu téh kelalaian umat Islam ku anjeun? Hayu urang introspeksi
diri! Wallohu a‘lam. ***
No comments :